Lirik Lagu
Sule - Randa Anak Dua

Harita kuring
panggih jeung wanoja
Di jalan jakarta.

Kapaksa kuring
Kenalan jeung manehana
Sabab manehna
Geulis kacida.

Eneng teh saha namina
Eneng teh asli timana
Ieu akang hoyong kenalan
Denganmu.

Saenggeus kenalan
kuring nganjang ka imah na
Alamatna nu di kartu nama.

Tepi ka imahna
ngan aya indungna
Sabab manehna
da henteu aya.

Torojol datang bapana
Mawa anak dua
Eta teuing anak saha
Sing horeng eta teh
Anak manehna.

Sangkan puguh kuring
Nannya ka manehna
Naha enya eta anaknya.

Najan berat manehna
Tuluy ngajawab
Yen enya eta anakna.

Teu nanaon sanajan geus randa
Teu nanaon boga anak dua
Kuring ge sarua
lain jajaka.

Naha eneng kersa
Ditikah ku aa
Pan aa
Istri na tos dua.

MUSIC VIDEO Sule - Randa Anak Dua