lirik-lagu-mojang-geulis-budak-kampung-bau-lisung-(jurig-jarian)
Lirik Lagu
Mojang Geulis Budak Kampung Bau Lisung (Jurig Jarian)

Mojang geulis budak kampung bau lisung
Tilu bulan manehna cicing di Bandung
Kiwari mojang geulis siga nu linglung
Make baju ge nu ngararatung.

Kasieunan disebut mojang kampungan
Kasieunan katinggalan jaman
Buuk dibeureuman buuk diantingan
Disidik-sidik siga jurig jarian.

Ngaku-ngaku kabatur masih parawan
Padahal mah si eneng pernah nyobian
Beuki lila beuki beuteung ngabareuhan
Bebeja mah kakolot disetrum engang.

Kiwari mojang geulis geus loba baladna
Ti minuman sabu-sabu ejeung ganja
Geus tara didenge papatah kolotna
Nu didenge saukur hawa nafsuna.

Matak tong heran dijaman ayeuna
Hayang ka awewe nu model kumaha
Geus teu kudu jumpa-jampe make pelet
Nu penting mah asal sing kandel dompet.

Matang eneng akang rek mere pepeling
Ulah osok mindeng teuing ulin peuting
Sabab peuting loba jalmi nu teu eling
Sok ngarusak kana kancing jeung saleting.

MUSIC VIDEO Mojang Geulis Budak Kampung Bau Lisung (Jurig Jarian)