Lirik Lagu Sule - Lampah Diri

Lirik Lagu
Sule - Lampah Diri

Najan hujan badag dor-dar gelap
Aya raatna
Najan usum panas mentrang mentring
Aya miji~ihna.

Kitu deui anu keur lara
Tangtu bakal pinanggih jeung kabagjaan.

Najan jeuro laut masih bisa
Di teuleuman
Najan dunya lega masih bisa
Di sabaran.

Kitu deui kahayang urang
Tangtu bakal kasorang jeung karandapan.

Yakin tur percaya ka dirina
Sok sanajan beurat dina ngalampahna.

Pasrah jeung sumerah ka mantenna
Tinangtu bakal neupi kahayangna.

Najan hujan badag dor-dar gelap
Aya raatna
Najan usum panas mentrang mentring
Aya mijiihna.

Kitu deui anu keur lara
Tangtu bakal pinanggih jeung kabagjaan.

Najan jeuro laut masih bisa
Di teuleuman
Najan dunya lega masih bisa
Di sabaran.

Kitu deui kahayang urang
Tangtu bakal kasorang jeung karandapan.

Yakin tur percaya ka dirina
Sok sanajan beurat dina ngalampahna.

Pasrah jeung sumerah ka mantenna
Tinangtu bakal neupi kahayangna
Tinangtu bakal neupi kahayangna.

MUSIC VIDEO Sule - Lampah Diri

Popular posts from this blog